oleh

Legenda Palabuhan Ratu/Nyi Roro Kidul,Diasuh Oleh Apih Yance Diterbitkan di MediaPATRIOT.CO.ID sejak 7 Juni 2020 Episode Hari Ini Episode ke 22

Legenda Palabuhan Ratu/Nyi Roro Kidul,Diasuh Oleh Apih Yance Diterbitkan di MediaPATRIOT.CO.ID sejak 7 Juni 2020 Episode Hari Ini Episode ke 22

SUKABUMI,MPI-Pasukan tumbak disampeurkeun ku Déwi Kadita. Déwi Kadita teu sieuneun sanajan nyanghareupan pasukan anu mawa tumbak sareukeut. Hayang nyaho maranéhna arék naon nyusul jauh ti dayeuh Pajajaran ka sisi gunung. Hiji-hiji panon bala tantara tumbak Pajajaran diteuteup seukeut ku Déwi Kadita. Anéhna sanggeus diteuteup ku Déwi Kadita téh maranéhna tungkul. Euweuh anu wanieun neuteup balik komo muncereng mah. Nempo kaayaan kitu atuh Déwi Kadita ngarasa reugreug. Jigana ieu pasukan lain dititah Déwi Mutiara keur ngajorag manéhna.

Berita Online Nasional >>>

Ragil Pamungkas jeung Kundang Rebing ngangseg ka hareup. Maksudna arék jadi taméng Déwi Kadita. Tapi ku Déwi Kadita dihulag. Ragil Pamungkas jeung Kundang Rebing ngawaro. Tuluy mundur ka tukangeun Déwi Kadita. Tapi duanana caringcing bisi Déwi Kadita dikukumahakeun ku pasukan tumbak.

Geus jadi patékadan Déwi Kadita, ayeuna mah manéhna moal ngéléhan. Naon waé ogé rék diayonan. Bongan ngéléhan téh geuning dilahgunakeun ku anu teu ngarti ajén-inajén jeung tatakrama mah. Ngéléhan téh dianggap lemah. Padahal mah ngéléhan téh lain éléh, tapi nyokot sikep anu dianggap hadé pikeun léngkah kahareupna. Tah ayeuna Déwi Kadita moal ngéléhan deui. Rék ditempokeun sanajan manéhna awéwé ogé teu sieun ku pakarang tumbak anu sakitu seukeutna. Geus gilig ayeuna mah rek dilawan.

Salila ieu Déwi Kadita ngéléhan téh kusabab ngahargaan ka anu jadi bapana. Ulah nepika katempo pagétréng di karaton. Goréng petana. Komo lamun kanyahoan ku balaréa mah. Atuh raja ogé bisa milu turun wiwaha. Moal diajénan ku balaréa.

Déwi Kadita boga pamanggih, lamun pasukan anu disanghareupan ieu kabéh titahan Déwi Mutiara keur ngajorag manéhna, nu sejen ulah kababawa. Anu salila ieu satia milu jeung manéhna ulah nepika milu cilaka. Lamun téa mah memang ieu titahan Déwi Mutiara, tinangtu inceranana sorangan manéhna wungkul. Matak Déwi Kadita ngahulang anu séjén milu aub. Keun ieu mah rék disanghareupan sorangan. Hideung bodasna kumaha manéhna. Geus nyaho sikep kukuh Déwi Kadita, kabéhan ogé ngawaro.

Déwi Kadita nganggap yén sakabéh anu tumiba ka dirina éstu urusan pituin manéhna. Euweuh sangkut pautna jeung nu séjén. Kusabab kitu ieu urusan moal réngsé lamun ku manéhna teu dibérésan. Geus waktuna kudu aya kacindekan anu hadé. Kudu puguh hulu buntutna.

Kusabab boga pamanggih kitu, Déwi Kadita nangtang.

“Lamun téa nyawa kuring anu diincer, sok geura der laksanakeun. Kuring, Déwi Kadita ngan saukur awéwé teu boga pakarang nanaon. Kuring éstu awéwé anu keur nandangan sagala kasedih. Jadi keur kuring mah euweuh bangbaluh. Teu boga kabeubeurat. Ulah kapalang lamun téa mah maranéh arék nganyenyeri. Der wé. Kabéh tumbak sok incerkeun kana dana kuring. Yeuh, anu ngarana Déwi Kadita teu sieun paéh. Hayoh maju”.

Pasukan tumbak ngajanteng. Euweuh anu ngajawab saurang ogé. Di tukangeun pasukan tumbak awéwé jeung barudak laléwéh. Careurik. Malahan mah aya anu aeuk-aeukan ngagero Déwi Kadita. Ngomongna ngacaprak. Cenah hayang milu ka mana waé lamun Déwi Kadita indit. Mun teu diajakan arék maéhan manéh. Arék ngaracun diri.

Anggota pasukan silih pelong. Maksudna ménta bongbolongan ka baturna. Atuh baturna ogé sarua. Teu boga jawaban anu pasti nyugemakeun. Haté maranehna oge honcéwang.

Anu pangkolotna, tungtngna maju kahareup ngawanikeun manéh. Déwi Kadita ogé maju nyampeurkeun. Ngalayanan anu mawa tumbak. Lamun arék téa mah maranéhna ngala pati dirina, heug ayeuna. Teu kudu maké siasah sagala. Déwi Kadita geus teu sieun paéh. tapi barang Déwi Kadita ngaléngkah deui ngadeukeutan, tumbak ujug-ujug ditancebkeun kana taneuh. Sanggeus kokolot nancebkeun tumbak, nu séjén miluan.

Satuluyna kokolot tapak deku, nyuuh, bari nyembah. Kabéh barisanana nyembah. Maranéhanana ampun-ampunan. Nyusul Déwi Kadita téh lain arék ngajorag. Tapi arék milu ka mana waé Déwi Kadita indit. Ieu pasukan tumbak anu milu rék kumawula ka Déwi Kadita.

Saurang anu dikolotkeun ngésod ka hareup ngadeukeutan Déwi Kadita anu keur nangtung ngajanteng. Nyuuh kana dampal sukuna. Teu daekeun cengkat saacan Déwi Kadita ngajawab paméntana. Maranéhna hayang milu saabringan jeung Déwi Kadita.

Déwi Kadita ngadéngé rahayatna ngébréhkeun eusi haténa, yén hayang milu ka mana waé Déwi Kadita indit, teu kuat nahan kasedih. Déwi Kadita reumbay ku cipanon. Manéhna tungtungna ngagukguk cerurik. Sedih nempo rahayatna anu sakitu lobana hayang milu jeung manéhna.

“Ka mana waé putri Déwi angkat, abdi hoyong ngiring. Sadayana anu ngiring kadieu sapuk moal hoyong wangsul deui ka dayeuh Pajajaran. Tibatan wangsul deui ka dayeuh Pajajaran mah, wios badé ngababakan di mana waé. Ari kahoyong mah putri Déwi nampi kana kahoyong abdi sareng réngréngan”.
“Apanan sakieu ayana kuring saparakanca di dieu. Sarwa walurat. Teu jiga di dayeuh Pajajaran, lubak-libuk sagala aya”.
“Kantenan kitu, tapi haté abdi saparakanca ngaraos digerihan. Terang putri Déwi diungsikeun ka dieu téh estuning dipiceun. Sadayana teu suka”.
“Éta geuning terang kadieu?”
“Abdi salah sawios anu ngadambel saung ceblok kanggo putri Déwi”.
“oh nuhun atuh tos dipangdambelkeun gedong. Ayeuna kumaha atuh wartosna Pajajaran téh. Tos lami teu ngadangu kaayaanana”.
“Pajajaran nuju keuna ku sasalad. Kalebet Déwi Mutiara saréng putrana. Panyawat anéh. Da sabuku-sabukuna téh ti kawitan ramo sampéan tur panangan caroplok. Tapi teu karaos nyeri saurna. Baraal. Atuh rambut Déwi Mutiara ogé katinggali tos ipis da maruragan”.
“Mingkin geulis atuh nya permaésuri anyar téh? Panyakit naon atuh nya?” Kundang Rebing milu aub. Tapi teu weléh dijawab ku koolot pasukan.
“Duka da dukun saréng tabib gé aralimeun ngalandongan. Saurna mah panyawat anu gampil tépa”.

Ragil Pamungkas jeung Kundang Rebing surak. Tapi Déwi Kadita buburu malik ka tukang. Nyaram Ragil Pamungkas jeung Kundang Rebing mupuas Déwi Mutiara jeung anakna.

“Aki Olot, kusabab kuring moal salawasna cicing di dieu, heug ari arék milu mah. Nyieun wé sasaungan keur ngiuhan jeung saré mah. Isuk jaganing pagéto, atuh lamun arék milu jeung kuring tuturkeun, lamun moal nya sok teruskeun ngababakan di dieu. Urang ngaranan ieu kampung Panénjoan, sabab tadi ti dieu Ragil Pamungkas jeung Kundang Rebing nempo aleutan ngabring aki olot saparakanca ka dideu”.

Kabéh suka bungah. Kabéh ngarasa diaku. Boga putri anu hadé basa hadé rupa hadé tatakrama. Matak ajrih sasaha ogé. Der kabéh sumanget ngababakan di wewengkon anyar anu ngarana Panénjoan. Tétéla geuning rahayat mah kumaha dibawana. Saratna mah ngan hiji, kabeuli haténa.
( Hanca )

Reporter : Sopandi
Editor : Hamdanil Asykar

Video Artis Indonesia dan video lainnya

Komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

News Feed